Sukses


Lirik Lagu Es Lilin - Lagu Daerah Jawa Barat

Bola.com, Jakarta - Es lilin mah didorong-dorong

Dibantun mah dibantun ka Sukajadi

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

 

Es lilin mah ceuceu buatan Bandung

Dicandak mah geuning ka Cipaganti

Abdi isin jungjunan duh bararingung

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

 

Itu saha dunungan nu nungtun munding

Digantelan geuning ku saputangan

Itu saha dunungan ku ginding teuing

Sing horeng mah aduh geuning jungjunan

 

Es lilin mah ceuceu dikalapaan

Raosna mah geuningan kabina-bina

Abdi alim dunungan paduduaan

Sok sieun mah dibantun kamana-mana

 

Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir

Ka kaler mah ka kaler katojo bulan

Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir

Moal paler geuningan da ku sabulan

 

Sumber: KapanLagi

Video Populer

Foto Populer