Sukses


5 Contoh Pidato Bahasa Sunda Berbagai Tema

Bola.com, Jakarta - Pidato bahasa Sunda disebut juga dengan biantara, adalah cara menyampaikan sebuah gagasan/informasi tertentu kepada masyarakat umum.

Pidato bahasa Sunda biasanya disampaikan pada khalayak ramai dalam acara hajatan, pernikahan, ulang tahun, dan lain sebagainya.

Tema yang dibahas cukup beragam, dari kesehatan, pendidikan, agama, sekolah, dan sebagainya.

Di samping itu, pidato bahasa Sunda kerap dijadikan satu di antara cara yang dipilih oleh masyarakat Sunda untuk mempromosikan kebudayaan daerah kepada kaum muda.

Adapun struktur dalam pidato bahasa Sunda tersusun menjadi tiga bagian, yaitu pembuka, isi, dan penutup.

Berikut lima contoh pidato bahasa Sunda berbagai tema yang bisa dijadikan referensi, dikutip dari laman Passinggrade dan Pidato-pidato2, Senin (6/11/2023).

Yuk gabung channel whatsapp Bola.com untuk mendapatkan berita-berita terbaru tentang Timnas Indonesia, BRI Liga 1, Liga Champions, Liga Inggris, Liga Italia, Liga Spanyol, bola voli, MotoGP, hingga bulutangkis. Klik di sini (JOIN)

2 dari 6 halaman

Contoh Pidato Bahasa Sunda 1

Assalamualaikum Wr.Wb

Loba manfaatna nu bias dibeunangkeun jeung sakabeh muslim ti ibadah puasa. Salah sahijina, jeung media ngalatih kasantunan jeung berimokrasi sapopoe jalema muslim nu hayang ngajaga kamurnian puasana wajib ngangembangkeun.

Cara berinteraksi nu sopan. Baik jeung tutur kata, canda atawa tingkah laku bahkan jeung jalema nu ngangsarikeun, sakalipun anu sakabeh jalema anu keur puasa "Sabda Rasulullah saw." anu aya nu mari atawa nyangserikeun, gewatlah abdi ngomong (maaf) abdi keur puasa (HR. Bukhori jeung Muslim).

Kasantunan kawas kitu rek ngadampak gede jeung pribadi anu bersangkutan atawa jalema anu ti sakitarna abdi erek ngabuat jadi pribadi anu indah. Allah Swt. nurunkeu, dua kaindahan umumna jalema kaindahan fisik jeung kepribadian umumna jalema gampang kagoda ku kaindahan fisik, lamun kaindahan fisik leungit kesan anu tingkah laku jeung omonganana kasar, di deuleuh kasantunan jadi factor kunci ngawujudkwun pribadi nu indah.

Sasungguhna Allah Swt. ngabere (kautamaan) jeung kasantunan nu teu di berekeun jeung sifat-sifat nu lain (HR. Muslim)

Ti kesempatan lain Rasulullah saw. bersabda:

Sasungguhna ka santunan teu melekat ka pribadi atawa parhiasan, jeung teu kacabut atawa jeung aib. (HR. Muslim)

Kadua kasantunan bisa ngabentuk sakitar kita, loba sahabat anu beunangkeun hidayah saenggeh, nyaksikeun pribadi Rasulullah saw. nu santun, di antarana: Tsumamah bin Atsal r.a. jeung Zaid bin Sa’anah r.a. Katilu kasantunan adalah pelindung hati ti noda jeung panyakit kalbu nu perlu di sadarkeun katika ngomong kasar jeung nyumpahkeun sabenerna kita teu keur ngarugikeun jalema lain. Tapi nganodakeun hati sorangan, ngotorkeun kanggo kekerasan serta ngajadi keras “ sasungguhna Allah Swt. Maha Santun ti sagala hal (HR. Al Bukhori)

Samoga puasa ieu bisa meletakeun etos kasantun ti sapopoe kita sahingga menjadi hamba-hamba nu di sukai Allah Swt. sabab ti sabuah hadis di sebutkeun apabila Allah Swt. suka hambana, maneh erek ngaruniakeun kasantunan (HR. Muslim, Abu Dawud)

Wassalamualaikum Wr. Wb.

3 dari 6 halaman

Contoh Pidato Bahasa Sunda 2

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Alhamdulillah hayu urang ucapkeun babarengan tina sanes kanten kanikmatan ti Allah Swt. pasihkeun ka urang sadaya timimiti nikmat iman Islamna dugika nikmat sehat jadi lantaran urang sadaya tiasa kumpul ngariung dina waktos ayeuna.

Selawat miwah salam, ditujukeun langsung ka jungjunan agung baginda alam Nabi besar Muhammad saw.

Hadirin rahimakumullah,

Ngadegna simkuring ayeuna sanes bade naon-naon deui iwal ti mertelakeun perkara penting, nu satiap jalma kudu gaduh dina dirina.

Nu teu lain nyaeta sopan sareng santun. Dua kata ieu tos seer di pohokeun, kata nu babari nalika diucapkeun can nangtukeun babari oge ngajalankeun na.

Sopan sareng santun kata nu beda mung bakal jadi endah mun di rendengkeun, akhlak anu sae pikeun dijalankeun.

Di zaman kiwari mendak jalmi anu ngagaduhan dua akhlak eta teh rasa hese kulantaran tos jarangna dipake.

Dina migawe kahadean butuh elmu sareng guru, lian ti dua eta butuh oge akhlak nu hade, sangkan dina migawe teu salah jeung bener tujuan na.

Kasopanan kanu jadi kolot tong disaruakeun pikeun kasopanan kanu jadi babaturan, gaduh takeran sareng penilaian na sorangan-sorangan.

Kiwari tos seer kajadian budak nu wani maehan kanu jadi kolot lantaran perkara sepele, emosi jeng kaelingna tos lengit kaelehkeun ku hawa nafsu lantaran nuturkeun zaman nu beuki edan.

Teu bisa-bisa teuing diri ngajaga mah bakal babari kabawa. Tingkah sareng lampah urang ka batur kudu sing hade tong sangeunahna nepi euweuh sopan sareng santunna.

Saestuna Gusti Allah mah mikaresep ka jalma nu migawe kahadean dina ucap sareng lampahna.

Ku kituna hayu urang sasarengan elingkeun deui diri sorangan pikeun ngajauhan perkara-perkara teu hade, urang tekadkeun sangkan jadi jalma anu saleh hate, teu mikanyeri ka batur ku ucapan atawa lampah, mere kabungahan ku sopan jeung santun ka sasama.

Sakitu nu kapihatur dina waktos ayeuna, kirang langkungna nyuhunkeun dihapunten.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

4 dari 6 halaman

Contoh Pidato Bahasa Sunda 3

Assalamualaikum Wr. Wb.

Bismillahirohmaanirrohin,

Bapak kepala sekolah, bapak, ibu guru anu ku simkuring dipihormat, rerencangan anu ku simkuring dimulyakeun.

Puji sinareng syukur urang sanggahkeun ka gusti Allah nu Maha Suci, margi urang sadaya tiasa kempel dina ieu acara. Selawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka junjungan alam kanjeng Nabi Muhammad saw. Mudah-mudahan dugi ka para sohabatna, para tabii’n tug dugi ka urang sadayana anu nganut ka mantenna.

Bapak Ibu sareng rerencangan sadayana perkawis kabersihan ngarupakeun hiji hal anu peryogi ku urang diperhatoskeun, naon margina? Kabersihan ieu ngarupikeun hiji konci kahirupan urang di alam dunya. Di mana urang bisa ngarawat kabersihan lingkungan sakola atanapi lingkungan rumah tanggi hartosna urang tos ngalaksanakeun tina sabagian iman. lamun dina hadisna nyaeta: Anu hartina: Kabersihan teh mangrupa bagean tina kaimanan.

Ku kituna kawajiban urang salaku siswa kedah ngalaksanakeun kabersihan sakola. Lingkungan sakola bisa beresih lamun urang bisa ngajagana. Ku kituna kabersihan sakola kudu dipiara kalawan sae. Insyaallah urang sadayana anu nempatan ieu tempat bakal sehat, tebih tina panyakit anu datang tina kotorna lingkungan.

Sakitu wae ti simkuring mugia aya manfaatna khususna ka simkuring umumna ka urang sadaya. hapunten bilih aya kalepatan sareng kakirangan.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

5 dari 6 halaman

Contoh Pidato Bahasa Sunda 4

Assalamualaikum Wr. Wb.

Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah Swt. nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urg tiasa patepang raray di acara ieu.

Ibu/Bapak guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring.

Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana. Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat. Misalna meresihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.

Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur. Urang teh kedah mikacinta kanu kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.

Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang.

Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul. Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngajagjagkeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga.

Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana.

Waalaikum salam Wr. Wb.

6 dari 6 halaman

Contoh Pidato Bahasa Sunda 5

Assalamualaikum Wr. Wb.

Bapa kepala sekolah hormaten simkuring,

Bapa/Ibu guru sekolah hormaten simkuring,

Sareng rerencnagan abdi anu abdi banggakuen.

Puji sinareng sukur urang sangakuen ka Allah Swt. Anu Maha Gofur, anu paratos maparin ni’mat anu teu kaitang.

Selawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjunan Nabi Muhammad saw. Anu parantos ngalungsurkeun cahya kaimanan ka umatna. Pamugi urang sadayana kalebet umat anu kenging syafa’atna di yaumil ahir nanti.

Dina kasempatan ieu, simkuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan neangan elmu. Minangka jalmi muslim, neengan elmu nyaeta kawajiban. Sagala hal dilakukeun ngagunakeun elmu. Lamun henteu ngagunakeun elmu, maka sagala anu dilakukeun teh sia-sia.

Jalma bisa dihormat ku batur, lantaran pangaweruhna. Elmu teu matak beurat dibabawa. Aya hadis anu netelakuen, ‘Pek teangan elmu nepika nagri cina.’ Atawa, ‘Neangan elmu ti mimiti di jero kandunga dugikeun ka liang lahat.’ Ku kituna, hayu urang ne.

Sakitu nu tiasa abdi haturakeun kakuranganna mohon dinaputen, sagal kasempurnaan milik Allah Swt. Akhirul kalam.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

 

Sumber: Passinggrade, Pidato-pidato2

Dapatkan artikel contoh berbagai tema lain dengan mengeklik tautan ini.

Video Populer

Foto Populer