Sukses


5 Contoh Biantara Sunda yang Bisa Dipelajari

Bola.com, Jakarta - Biantara merupakan penyampaian sebuah tema atau materi menggunakan bahasa Sunda di depan banyak orang untuk berbuat sesuatu yang baik.

Biantara biasanya disampaikan dalam berbagai acara seperti sekolah, pernikahan, pengajian, dan lainnya.

Dilihat dari penjelasan di atas, biantara tidak jauh berbeda dengan pidato atau ceramah pada umumnya, hanya bahasanya menggunakan bahasa Sunda.

Ada banyak topik menarik yang bisa menjadi bahasan dalam penyampaian biantara, seperti topik lingkungan, kesehatan, perpisahan, hingga kepahlawanan.

Pada dasarnya, biantara merupakan satu di antara cara masyarakat Sunda untuk memperkenalkan berbahasa daerah kepada kaum muda.

Berikut lima contoh biantara Sunda yang bisa kamu pelajari, dikutip dari laman Bahasasunda dan 99, Rabu (8/11/2023).

Yuk gabung channel whatsapp Bola.com untuk mendapatkan berita-berita terbaru tentang Timnas Indonesia, BRI Liga 1, Liga Champions, Liga Inggris, Liga Italia, Liga Spanyol, bola voli, MotoGP, hingga bulutangkis. Klik di sini (JOIN)

2 dari 6 halaman

Contoh Biantara Sunda (1)

Assalamualaikum warrahmatulohi wabarakattuh.

Asshaduallailahaillalah wa ashadu anna muhamadar rosulullah. Ama badu.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah Swt. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat walafiat.

Selawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad saw. Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insyaallah taat kana ajarannana, amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga program perpisahan kelas genep.

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal konkret sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah Swt. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah tiba ti Allah Swt.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu'alaikum warrahmatulohi wabarakattuh.

3 dari 6 halaman

Contoh Biantara Sunda (2)

Assalamualaikum warrahmatulohi wabarakattuh.

Wassolatu wassalamu ‘ala sayyidina muhammadin, wa’ala alihi wasohbihi wasallam. Robbi sohli sodri wayasirli amri, wahlul ukdata min lisani yafkohu qowli.

Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh subhanahu wata'ala, anu parantos masihan rahmat sareng hidayahna kanggo urang sadayana, margi urang tiasa ngumpul ngariung di tempat anu dimulyakeun ieu.

Teu hilap solawat sareung salam urang curahkeun ka junjunan sadayana nyaeta kanjeng Nabi Muhammad sholallohu ‘alaihi wasallam.

Bapa/Ibu anu dipikahormat, sareung sadayana rerencangan anu dipikaheman tur dipikadeudeuh, dina kasempatan ieu, abdi bade nyandak biantara anu tema na teh sopan santun.

Sopan santun teh nyaeta salah sahiji adab anu kedah aya dina diri urang. Sabab, pami urang sopan sareung santun, komo ka anu saluhureun mah, anu pentingna mah ka ibu rama, pasti bakal dipikaresep, dipikaheman, sareung dipikadeudeuh.

Sopan santun oge bakal nyandak hal positif sareung manfaat kanggo diri urang sadayana. Salah sahijina dina kahirupan sapopoena.

Contoh sopan santun dina kahirupan sapopoe nyaeta hormat ka ibu rama, ka guru, sareng anu saluhureun, paripolah anu sae, tutur bahasa anu sae, patuh kana sagala aturan, jeung sajabana.

Rupina biantara singket ti abdi oge dianggap cekap, kalawan ditutup ku pantun:

Buah tomat, buah peuteuy

Tamat euyyy.

Akhirul kalam, wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

4 dari 6 halaman

Contoh Biantara Sunda (3)

Assalamualaikum Wr. Wb.

Bapa kepala sekolah hormaten simkuring,

Bapa/Ibu guru sekolah hormaten simkuring,

Sareng rerencnagan abdi anu abdi banggakuen.

Puji sinareng sukur urang sangakuen ka Allah Swt. Anu Maha Gofur, anu paratos maparin ni'mat anu teu kaitang.

Sholawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjunan Nabi Muhammad saw. Anu parantos ngalungsurkeun cahya kaimanan ka umatna. Pamugi urang sadayana kalebet umat anu kenging syafa’atna di yaumil ahir nanti.

Dina kasempatan ieu, simkuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan neangan elmu. Minangka jalmi muslim, neengan elmu nyaeta kawajiban. Sagala hal dilakukeun ngagunakeun elmu. Lamun henteu ngagunakeun elmu, maka sagala anu dilakukeun teh sia-sia.

Jalma bisa dihormat ku batur, lantaran pangaweruhna. Elmu teu matak beurat dibabawa. Aya hadis anu netelakuen, ‘Pek teangan elmu nepika nagri cina.’ Atawa, ‘Neangan elmu ti mimiti di jero kandunga dugikeun ka liang lahat.’ Ku kituna, hayu urang ne.

Sakitu nu tiasa abdi haturakeun kakuranganna mohon dinaputen, sagal kasempurnaan milik Allah Swt. Akhirul kalam.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

5 dari 6 halaman

Contoh Biantara Sunda (4)

Assalamualaikum Wr. Wb.

Wilujeng enjing sadayana.

Ibu guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah Swt. nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

6 dari 6 halaman

Contoh Biantara Sunda (5)

Assalamualaikum warrahmatulohi wabarakattuh.

Asshaduallailahaillalah wa ashadu anna muhamadar rosulullah. Ama badu.

Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah Swt. anu Maha Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.

Hadirin anu dipikahormat,

Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah Swt. Selain ti eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa kajadian nu aya bumi ieu teh, tos diatur ku Allah Swt.

Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran urang, salila urang hirup di dunia. Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh, ngarupakeun katetepan ti Allah Swt.

Jadi urang teh kudu tawakal, da sagala rupina ge tos aya izin ti Allah Swt. Urang sadaya moal tiasa ngahindar ti katetapan Allah Swt. deuk nu hade deuk nu goreng.

Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.

Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun kanikmatan ti Allah Swt. sareng ngadorong urang bersyukur ka Allah Swt. salawasna. Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di hate abdi nyuhunkeun dihapunten.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum warrahmatulohi wabarakattuh.

 

Sumber: Bahasasunda, 99

Dapatkan artikel contoh berbagai tema lain dengan mengeklik tautan ini.

Video Populer

Foto Populer