Sukses


5 Contoh Sajak Bahasa Sunda Pendek yang Menarik Dibaca

Bola.com, Jakarta - Anak yang bersekolah di Jawa Barat, pada kurikulum pendidikannya akan menerima pelajaran bahasa Sunda sebagai muatan lokal.

Dalam pelajaran bahasa Sunda, siswa akan diberi tugas membuat sajak bahasa Sunda. Lantas apa itu sajak bahasa Sunda?

Sajak bahasa Sunda memiliki arti bentuk karya sastra yang penyajiannya dilakukan dalam baris yang teratur dan terikat atau gubahan sastra yang berbentuk puisi.

Sajak bahasa Sunda juga dapat diartikan karya sastra yang memiliki makna yang begitu indah serta menjunjung tinggi budaya bahasanya.

Membuat sajak bahasa Sunda sebetulnya tidaklah rumit. Hanya perlu memperhatikan beberapa aspek kebahasaan.

Dalam pembuatannya, sajak bahasa Sunda memerlukan lima unsur yakni imaji, simbol, musikalitas, suasana, dan tema serta gaya bahasa.

Berikut lima contoh sajak bahasa Sunda pendek yang menarik dibaca, dikutip dari laman Helda dan Bahasasunda, Rabu (22/11/2023).

Yuk gabung channel whatsapp Bola.com untuk mendapatkan berita-berita terbaru tentang Timnas Indonesia, BRI Liga 1, Liga Champions, Liga Inggris, Liga Italia, Liga Spanyol, bola voli, MotoGP, hingga bulutangkis. Klik di sini (JOIN)

2 dari 6 halaman

Lembur Kuring

Saban enjing muka jandela

Tatangalan pinuh kekembangan

Nambih endah pamandangan

Sora manuk nembangan

Mapaesan pasawahan

Anu sakitu ngeplak endahna

 

Mung ku jaman ayeuna

Anu kitu atos leungit

Tatangkalan anu arendah

Jadi gedong-gedong

Manuk anu unggal enjing kadangu sorana

Ayeuna mah tos teu aya deui

 

Kuring rumaos ka diri

Saha anu lepat

anu ngajadikeun lembur ruksak

Ku ayana gedong-gedong eta

Mung kajadian baheula

Anu sakitu endahna eta pamandangan

Sigana moal bisa balik deui.

3 dari 6 halaman

Paliwat Dina Kareta

Kareta Jakarta-Surabaya

Jeung Surabaya-Bandung

Paliwat tengahing jalan

Duanana tonggoy nyemprung

Panumpang paboro-boro ngaralong

 

Papaliwat papada numpukan kilat

Semet silih reret sahorelat

Ieu diri bet asa reg cicing

Nu maju tingbelesur

Ukur batur.

4 dari 6 halaman

Pangbalikan

Iuh, iuh gunung kuring

Angin ulin dina embun-embunan

Sawaktu-waktu kuring kudu nepungan

Dumeh hirup halabhab cinta

 

Di maranehna nya ayana

Aya sababna kuring tibelat

Aya sababna kuring pegat

Tapi nu ahir lain kaabadian

 

Kakasih dina hate ngawih deui

Iuh,iuh gunung kuring

Nyata, nyata tanda-tanda

Ngabalungbung jalan hirup

 

Nepi ka nyawa rek asup

Ka maranehna kuring rek balik

Ka maranehna kuring rek pamit.

5 dari 6 halaman

Satia

Teu Sangka manehna seueur nu cinta

Korban harta jeung nyawa

Ngan ukur hayang meruhkeun galihna

Nu saurna taya bandingannana

 

Ditilik tilik manehna teh geulis pisan

Putri nu turun ti kayangan

Rumasa kuring ge hayang miboga

Ngadadak ngagedur rasa cinta

 

Hanjakal aya nu teu raos

Batur mah mawa anting

Batur mah mawa cingcin

Kuring ngan mawa hui sajingjing

 

Tapi kuring teu rek suda

Alim manehna kuciwa

Da kuring boga modal nu istimewa

Nyaeta niat rek satia salamina.

6 dari 6 halaman

Tangtungan

Bulan ngambang ‘na balungbang

Ngempray lir raray marahmay

Hate geugeut patembongan

Tanggah ka langit

 

Geuning aya bulan imut

Kareueut matak kapincut

Tungkul: Ngempur

Tanggah: Ngempray

Mending mana mending mendi

Nu asli yakin ngan hiji.

 

Sumber: Helda, Bahasasunda

Dapatkan artikel contoh berbagai tema lain dengan mengeklik tautan ini.

Video Populer

Foto Populer