Sukses


5 Contoh Sajak Sunda, Sarat Makna dan Menarik Dibaca

Bola.com, Jakarta - Sajak merupakan karya sastra yang disusun dengan tata bahasa dan kalimat yang memiliki irama. Sajak biasanya mengandung pesan yang tersirat di dalamnya.

Selain itu, sajak sangat mementingkan keselarasan bunyi bahasa. Di sisi lain, ada juga yang mengatakan sajak adalah puisi baru yang bebas dari sebuah aturan dalam pembentukan baris, kata-kata, rangkap, dan irama.

Namun, secara garis besar sajak merupakan penyampaian pesan atau gambaran suasana hati seseorang, baik berupa fisik maupun batin.

Tak bisa dimungkiri bahwa sajak cukup populer di Indonesia. Ada banyak sekali sajak dari berbagai daerah. Dan satu di antara adalah sajak Sunda.

Sajak Sunda merupakan karya sastra yang memiliki makna yang begitu indah serta menjunjung tinggi budaya bahasanya.

Berikut ini lima contoh sajak Sunda yang bisa dijadikan inspirasi, dikutip dari laman Bahasasunda dan Hafidlotulfa, Rabu (21/6/2023).

Yuk gabung channel whatsapp Bola.com untuk mendapatkan berita-berita terbaru tentang Timnas Indonesia, BRI Liga 1, Liga Champions, Liga Inggris, Liga Italia, Liga Spanyol, bola voli, MotoGP, hingga bulutangkis. Klik di sini (JOIN)

2 dari 6 halaman

Paliwat Dina Kareta

Karya: Kis. Ws.

 

Kareta Jakarta-Surabaya

Jeung Surabaya-Bandung

Paliwat tengahing jalan

Duanana tonggoy nyemprung

Panumpang paboro-boro ngaralong

 

Papaliwat papada numpukan kilat

Semet silih reret sahorelat

Ieu diri bet asa reg cicing

Nu maju tingbelesur

Ukur batur

3 dari 6 halaman

Tukeurkeun Ieu Sajak

Karya: Yus Rusyana

 

Tukeuran ieu sajak

Ku salambar simbut atawa samak saheulay

Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay

Pating golépak dina trotoar

 

Tukeuran ieu sajak

Ku béas wuluh atawa heucak

Heug sidkahkeun ka nu haropak

Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak

 

Tukeuran ieu sajak

Ku sababaraha siki pélor

Heug témbakkeun ka genggerong koruptor manipulator

Sina enya kalojor

 

Tukeuran ieu sajak

Ku beubeutian tina kolbu anu rido

Keur nyébor anu balangsak

(Mun teu kitu sasaak)

4 dari 6 halaman

Seuneu Bandung

Karya: Karna Yudbirata

 

Saha nu bisa mareuman seuneu Bandung

Geni sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung

Najan laut kidul

Ngolétrak dipake nyiram

 

Seuneu Bandung

Dayang Sumbi gupay pucukna

Tangkubanparahu jadi suluhna

sut urang sundut

nyeungeut obor kamerdekaan

bray caang lampu neon jutaan watt

 

Langit ngempray, langit harepan

Seuneu teuneung geni kawani

Ngaléntab sagara keusik

Ngahuru ngabela-bela

Ngaduruk leuweung-gonggong langit-langgong

Afrika-Asia bebas merdeka!

 

Seuneu nyebrot di dapur Cikapundung

Geni sakti, cahya Ilahi

Hamo bisa dipareuman

5 dari 6 halaman

Lagu Hirup

Karya: Eddy D. Iskandar

 

Unggal poe unggal lengkah

Nataan tanggal dina kalender

Angger aya nu diarep-arep

Ari umur melesat henteu kajeueung

Dina beja dina carita

Teu weleh aya nu miheulaan

 

Warna-warni kajadian

Teu kapireng

Da puguh katalimbeng rusiah

Dina sakeclak cimata

Aya kasedih

Nu teu kedal

Dina kongkolak

Kahirupan

Aya nu miang Teu mulang deui

6 dari 6 halaman

Pahlawan

Karya: Fahri Setiono

 

Hirup nu pinuh ku perjuangan

Persenjataan nu eleh teu di jadikeun alesan

Perang ngalawan panjajahan

Bajuang kanggo kamerdekaan

 

Prajurit nu mulih ka asalna

Tong dianggap geus palastra

Perangna jalan nu di pirido Allah Taala

Janten mangpaat kanggo nagara jeung bangsana

 

Urang sok poho kana jasana

Nu geus ngorbankeun kahirupanna

Kanyeri nu geus teu di rasa

Sakabéhna kanggo nagara Indonesia

 

Sumber: Bahasasunda, Hafidlotulfa

Dapatkan artikel contoh berbagai tema lain dengan mengeklik tautan ini.

Video Populer

Foto Populer