Sukses


5 Contoh Carpon Bahasa Sunda Berbagai Tema

Bola.com, Jakarta - Carpon atau carita pondok adalah karya sastra dalam bentuk prosa yang ditulis menggunakan bahasa Sunda.

Carpon bahasa Sunda dapat diartikan sebuah karangan fiksi yang ceritanya tidak betul-betul kejadian atau dialami oleh pengarangnya.

Meski begitu, kejadian yang diceritakan pada carpon realistis atau masuk akal, baik itu pada pelakunya, jalan ceritanya, tempat, waktu kejadian dan cerita yang dibuat di kehidupan sehari-hari.

Lewat carpon bahasa Sunda, pembaca dapat memahami nilai-nilai, norma-norma, serta dinamika kehidupan masyarakat Sunda secara mendalam.

Itulah penjelasan singkat mengenai carpon bahasa Sunda. Untuk mengetahui lebih dalam tentang carpon bahasa Sunda, bisa memahami contoh-contohnya, di bawah ini.

Berikut lima contoh carpon bahasa Sunda berbagai tema yang menarik dibaca, dikutip dari laman Basasunda dan Sundamutiara, Senin (11/9/2023).

Yuk gabung channel whatsapp Bola.com untuk mendapatkan berita-berita terbaru tentang Timnas Indonesia, BRI Liga 1, Liga Champions, Liga Inggris, Liga Italia, Liga Spanyol, bola voli, MotoGP, hingga bulutangkis. Klik di sini (JOIN)

2 dari 6 halaman

Harewos Keur Indung Teh Nila

Ti barang kuring di hirupkeun dina rahim indung, ti harita saenyana kuring sawadina jadi mahluk-Na anu kudu sukur ni'mat. Indung mangrupa "janggelekna" muara kahirupan Mantenna pikeun umat-Na. Mun teu aya indung, tinangtu moal aya kahirupan di dunya. Indung teh "mediator" antara Mantenna jeung manusa.

Kuring yakin rajaning yakin, indung kacida bagjana nalika kuring aya dina rahimna. Komo sanggeus kuring gelar ka dunya. Tangtu kuring dirawu, dipangku, dinangna-nengne. Sagala hal kahadean diketrukkeun keur kuring. Sagala kapeurih geus teu dijadikeun itungan ku indung enggoning "ngajelemakeun" kuring.

Kiwari, mangsa kuring geus sawawa… geus bisa hirup jeung neangan hurip sorangan, kuring yakin, kabagjaan indung pari purna ku eta hal. Najan teu di tembrakkeun ka kuring, ka jalma-jalma… Kuring yakin, indung teu weleh agul-agulan ka dirina: "Anaking kiwari geus jadi 'jalma'… !!"

Ekspresi kabagjaan anu tan wates wangenan tina hal anu teu sapira. Kuring geus jadi "jalma", ceuk indung… tapi, naha kuring geus pantes disebut "jalma anu bisa mulang tarima ka indung?!"

Indung, nepi ka poe ieu satekah polah kuring nempatkeun anjeun dina posisi anu pangpunjulna. Ngan, kuring yakin nepi ka tutup umur, kuring hamo bisa naur sagala kahadean anjeun. Sarenghap napas anjeun, jadi sarebu napas kahirupan kuring. Sausap kadeudeuh anjeun, jadi usap-usap nu natrat dina kahirupan kuring.

Cimata kapeurih anjeun, mangrupa panaur cimata kabagjaan keur kuring. Anjeun mahluk pangmulyana di satung kebing dunya. Hampura, kuring hamo bisa naur sagala kahadean anjeun.

Hampura, kuring ukur bisa jadi anak nu "ukur" bisa naur kaha-dean ku hal-hal anu teu sapira. Urusan sakola, karir, (Insyaalloh) rumah-tangga, rejeki anu karasana ku kuring digampang keun ku Man-tenna, anu ceuk anjeun eta teh mangrupa kabag-jaan hirup anjeun keukeuh, hamo bisa naur sagala kahadean anjeun.

Indung, mun seug kuring jeung anjeun geus dipegat pati kaasih ku-ring tetep nganteng keur anjeun, sakumaha tetep ngantengna "kakuatan" ti anjeun keur kahirupan kuring nepi ka tungtung mangsa. Kuring teu kawasa ngabagjakeun an-jeun dunya aherat. Tapi kuring yakin, geus aya sawarga pikeun hirup anjeun jaga di alam nu hamo kadongkang ku manusa, ukur ti Manten-na.

3 dari 6 halaman

Tugas ti Sakolaan

Di dinten minggu nu kalangkung, abdi sareng rerencangan saurna kedah ngadamel kueh  kanggo pancen kerja lelompok ti sakolaan. Abdi, Susi, sareng Rani sasarengan minangka hiji kelompok.

Disakolaan keneh, abdi tos ngusulkeun kanggo ngadamel kueh bulu, sareng rerencangan sadayana satuju kana usul abdi. Sabab salian gampil, bahan-bahana kanggo midamel kueh oge kawilang gampil dipilarian sareng hargana teu awis.

Isukna sakigaran Jam 4 sore, abdi sareng dua rerencangan abdi tos kararumpul sadayana. Abdi, Rani, sareng Susi sasarengan ngadamel kueh teh di bumi abdi. Artos sadayana parantos di siapken samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.

Teu ngantosan lami, Susi sareng Rani angkat meser bahan-bahana di warung nu teu tebih ti bumi, sedengkeun abdi ngantosan di bumi sabari nyiapkeun alat-alatna. Teu lami oge, dua rerencangan abdi uih ti warung.

"Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel kuehna bisi kabujeng magrib!" Abdi langsung bae nyarios kitu. Kueh bolu teh dipidamel sasarengan, sareng teu hilap oge pun ibu abdi ngabantos masihan terang kana cara-carana.

Singket carita, bolu teh nuju di open. Sabuat ngantosan, abdi sareng rerencangan teh ngarobrol heula dipayunen bumi. Teu lami kadangu sora, "Tuh geura angkat kueh boluna, bisi kaburu tutung!" Saur ibu abdi ti jero bumi.

Abdi gera giru lulumpatan bari ningali kuehna. Mani sae pisan geuning bentukna saatos jadi teh, waktos di cobian oge sakedik, "Wah" mani karaos pisan rasana. Enjing isukna abdi nyandak kueh boluna ka sakola, kelompok abdi katingali bungah pisan, margi tiasa diajar ngadamel kueh.

4 dari 6 halaman

Liburan ka Bandung

Liburan taun kamari abdi sakulawargi angkat ka Bandung dina rangka liburan. Abdi sadayana angkat sapoe sanggeus nampi rapot.

Dugi di Bandung, abdi sakulawargi ngadatangan tempat raramean jiga Dusun Bambu jeung Kebon Binatang.

Sanggeus bosen jeung dirasa puas, abdi jeung kulawargi mondok di hotel daerah alun-alun Salajengna, kaping 31 Desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun ua di Buah Batu, ngempel ngarayakeun wengi pergentosan taun.

Abdi jeung kulawarga angkat ti hotel alun-alun kinten-kinten tabuh lima sore margi sieun macet di jalanna. Dugi ka bumi pun ua pas azan Isya.

Kinten-kinten tabuh 9 wengi acara dikawitan meuleum sate jeung beuleum ketan dicocol ku sambel oncom. Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame tingbaranyay di langit, endah pisan katingalna.

Kaleresan bumi pun ua di tengah kota jadi katingali jelas. Puncakna, tabuh dua belas pas kembang api ti ditu ti dieu harurung nyaangan langit Kota Bandung.

Subuhna, abdi sakulawargi sadayana mulang ka Bogor.

5 dari 6 halaman

Nyieun Endog Gulung

Dinten Minggu kamari, abdi sareng rerencangan ngadamel endog gulung. Abdi, Ahmad, sareng Asep sasarengan minangka hiji kelompok.

Tugas ieu kaitung gampil kusabab bahan-bahanna oge kawilang babari dipilarian sareng hargana teu awis.

Abdi jeung Ahmad sasarengan angkat ka bumi Asep dinten Minggu sore kanggo ngadamel endog gulung. Artos sadayana parantos disiapkeun samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.

Teu pati ngantosan lami, Ahmad jeung Asep angkat meser bahan-bahan ka warung sedengkeun abdi ngantosan di bumi Asep sabari nyiapkeun alat-alatna. Tau kungsi lila, Ahmad jeung Asep torojol uih ti warung.

"Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel endog gulung bisi kaburu maghrib!" ceuk abdi make nada nu rada teges.

Singket carita, endog didadar ditambih bumbu-bumbu. Di tempat sejenna teu jauh ti abdi ngadadar endog, minyak goreng luhureun katel geus panas.

Ari geus kitu mah langsung bae eta endog nu didadar teh diasupkeun kana katel tuluy digulung-gulung make kai samodel tusuk sate.

"Yeuh, jadi, euy," Ahmad surak lantaran endog gulung jieunan manehna geus jadi.

Kitu oge endog gulung jieunan Asep nu katinggalina ngeunah sabab dibere saos.

Sanggeus rengse, kabeh endog gulung nu geus kakumpul difotoan yen jadi bukti ka guru.

6 dari 6 halaman

Kasasar di Kebon Binatang

Keur poe minggu abdi jeung dulur,... dulur,... abdi ka kebon binatang naik mobil bus.

Pas tos nyampe di kebon abdi kajero ngadeuleu sasato anu loba macem macem rupa, aya gaah, monyet oray, macan burung, landak.

Di ditu abdi ngulilingan kebon binatang, entos ngadeuleu sasatoan abdi jeng dulur abdi, aremam Ngampar bari ngadeuleu sasatoan.

Pas tos emam abdi uih, di perjalanan teh abdi jeung dulur-dulur kasasar teu nyaho jalan.

Balik kamobil di ditu kabeh careurik terus urang Tanya-tanya kana jelema. Alhamdulillah katimu di dinya kabehan srono akhirna katimu jalan kaluar.

 

Sumber: Basasunda, Sundamutiara

Dapatkan artikel contoh berbagai tema lain dengan mengeklik tautan ini.

Video Populer

Foto Populer